Minggu, 17 Juli 2011

Papatah kolot kapungkur

Papatah kolot kapungkur/baheula merupakan sebuah makna filosofi dalam kehidupan bermasyarakat di dalam masyarakat sunda,dan di terapkan dalam kehidupan sehari hari.
mungkin kita sudah jarang mendengar kata kata makna tentang kehidupan dan makna makna kehidupan bermasyarakat karena terkikis oleh kemajuan jaman dan modernisasi sastra yang tidak jelas ujung pangkalnya.
bagi saya pribadi mandat untuk menjalankan pepatah ini sudah mendarah daging dengan kata kata "ukireun dina lalangit ,Tataheun di jero iga" atau saya memegang teguh adat istiadat kami sebagai orang sunda.
aribasa atau pepatah yang sudah diinformasikan secara lisan turun temurun dari para leluhur (karuhun) untuk bekal menjalani kehidupan.

1. Hubungan Dengan Sesama Mahluk
 
1. Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek (Trust – ngak boleh korupsi, maling, nilep, dlsb… kalo mo ngambil sesuatu harus seijin yg punya).
2. Sacangreud pageuh sagolek pangkek (Commitment, menepati janji & consitent).
3. Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina (integrity harus mengikuti etika yang ada)
4. Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang (communication skill, berbicara harus tepat, jelas, bermakna.. tidak asbun).
5. Kudu hade gogod hade tagog (Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan harus consitent dengan perilakunya –> John Robert Power melakukan training ini mereka punya Personality Training, dlsb).
6. Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh (harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi).
7. Pondok jodo panjang baraya (siapapun walopun jodo kita tetap persaudaraan harus tetap dijaga)
8. Ulah ngaliarkeun taleus ateul (jangan menyebarkan isu hoax, memfitnah, dlsb).
9. Bengkung ngariung bongok ngaronyok (team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama).
10. Bobot pangayun timbang taraju (Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense, dlsb)
11. Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions, dlsb… kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah).
12. Kudu nepi memeh indit (Planning & Simulation… harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare dulu).
13. Taraje nangeuh dulang pinande (setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar).
14. Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian (jangan berebut kekuasaan).
15. Ulah ngukur baju sasereg awak (Objektivitas, jangan melihat dari hanya kaca mata sendiri).
16. Ulah nyaliksik ku buuk leutik (jangan memperalat yang lemah/ rakyat jelata)
17. Ulah keok memeh dipacok (Ksatria, jangan mundur sebelum berupaya keras).
18. Kudu bisa kabulu kabale (Gawul, kemana aja bisa menyesuaikan diri).
19. Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih (Research & Development, Ngulik, Ngoprek, segalanya harus pakai akal dan harus terus di ulik, di teliti, kalo sudah diteliti dan dijadikan sesuatu yang bermanfaat untuk kehidupan).
20. Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok (Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur).
21. Neangan luang tipapada urang (Belajar mencari pengetahuan dari pengalaman orang lain).
22. Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun (speak the truth nothing but the truth).
23. Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan (saling bekerjasama membangun kemitraan yang kuat).
24. Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang (maju terus pantang mundur).
25. Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak (Kompak/ team work).
26. dlsb.
2. Hubungan Dengan Tuhan (Yang Maha Kuasa)
1. Mulih kajati mulang kaasal (semuanya berasal dari Yang Maha Kuasa yang maha murbeng alam, semua orang akan kembali keasalnya).
2. Dihin pinasti anyar pinanggih (semua kejadian telah ditentukan oleh Yang Maha Kuasa yang selalu menjaga hukum-hukumnya).
3. Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng (Hukum Yang Maha Kuasa adalah selalu menjaga hukum-2nya, apa yang ditanam itulah yang dituai, kalau kita menanam kebaikan walaupun sekecil elektron tetep akan dibalas kebaikan pula, kalau kita menanam keburukan maka keburukan pula yg didapat )
4. Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna (Gunakan akal dalam melangkah, buat apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya).
5. Nimu luang tina burang (semua kejadian pasti ada hikmah/ manfaatnya apabila kita bisa menyikapinya dengan cara yang positive).
6. Omat urang kudu bisa ngaji diri (kita harus bisa mengkaji diri sendiri jangan suka menyalahkan orang lain)
7. Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin (Jangan sampai kita terbakar oleh ucapan kita, misalnya kita memberikan nasihat yagn baik kepada orang lain tapi dalam kenyataan sehari- hari kita terbakar oleh nasihat-2 yang kita berikan kepada yang lain tsb, seperti layaknya lilin yang memberikan penerangan tapi ikut terbakar abis bersama api yang dihasilkan).
8. dlsb.
3. Hubungan Dengan Alam
1. Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak (Sustainable Development ~ Gunung tidak boleh dihancurkan, laut tidak boleh dirusak dan sejarah tidak boleh dilupakan… harus serasi dengan alam.).
2. Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti (Pepohonan di hutan ituh harus di hormati, harus dibedakan istilah dipupusti (dihormati) dengan dipigusti (di Tuhankan) banyak yang salah arti disini).
3. Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak (hutan harus dijaga, sumber air harus dimaintain kalo tidak maka manusia akan sengsara).

papatah papatah lainnya
                                                       I
  1. Kalayan hapunten bilih kirang tata kirang titi duduga peryoga cologog sareng sajabina. Maklum ciri sabumi cara sadesa, bilih aya cara nukacandak ti desa nu kabantun ti kampung nukajingjing ti patepitan, bilih teu sapuk sareng mamanahan. Punten nu kasuhun.
  2. Jeng dulur mah tong nepikeun tileletik silih ala pati, tilelemet getreng, tilelembut silih ala umur, tibubudak silih ala nyawa.
  3. Ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan nu dekeut geura deueusan. Moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? Tina diri sorangan, cirina satangtung diri. Pek geura panggihan silaturahmi teh jeung diri sorangan, ulah waka nyaksian batur, saksian heula diri sorangan kusorangan weh.
  4. Sing diajar nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, nyaangan kanu poekeun., mere kanu daek, nganteurkeu kanu sieun
  5. Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan manusa sanajan ngalamun salaput umur kahayang patema-tema kareup hanteu reureuh-reureuh, dageuning anu bakal karasamah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rencana, Kabul aya tinu maha agung, laksana aya tinu maha kawasa.
  6. Beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunnana. (Kecap nuhun)
  7. Nyumput buni tinu caang, negrak bari teu katembong. (Tawadhu)
  8. Tong Kabobodo tenjo, kasemaran tingali.
  9. Najan Buuk hideung jadi bodas, dada antel kana bumi, buluan belut, jangjangan oray. moal waka wangsul saacan kenging ridho Gusti.
  10. Indung anu ngandung bapa nu ngayuga, indung ngandung salapan bulan melendung, tapi indung henteu pundung sabab taqdir tinu maha Agung.                                                                                                                                                       II
  1. Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat)
  2. Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul.
  3. Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun
  4. Mipit amit, ngala menta, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nete taraje, nincak hamalan, ipis lapis, kandel tapel. (malapah gedang)
  5. Sing waspada jeung permana tinggal. (Waspada)
  6. Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah.
  7. Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa
  8. Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumibar.
  9. Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur.
  10. Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling
                                                              III


  1. Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa.
  2. Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok.
  3. Nu geulis jadi werejit, nu lanjang jadi baruang.
  4. Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati.
  5. Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. Hartina sing apal kana diri, asal timana?, cicing dimana? Balik kamana?
  6. Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng-eneng, bakal ngagebleg deui jeung mantena.
  7. Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.
  8. Positip x posotip= positip. Negative x negative= positip. Positip x negative=negative. Nu bener dibenerkeun eta bener, nu salah disalahkeun eta bener. Nu bener disalahkeun eta salah, nu salah dibenerkeun eta salah.
  9. Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng.
  10. Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi.
                                                                  III

 


  1. Urang kabeh teh  Reket dengdeng, papak sarua. (Sarua)
  2. Teu ngakal moal ngakeul, teu ngarah moal ngarih, teu ngoprek moal nyapek.
  3. Eta dina hate maneh leungitkeun sifat sirik, pidik, jail, kaniaya, iren, pangasten, dudupak, rurumpat, ngumpat, simuat, ujub, takabur, nyaci,  maki, jeung pedit
  4. Pangarti nu jadi ciri, kagagahan anu rongkah, kapangkatan nu dipiwegah, geuning percuma tanpa dibarengan ku kaimanan jeung kataqwaan kanu kawasa.
  5. Kade loba jalma nu jadi Bibit rurujit. Indung rurusuh. (provokator)
  6. Bakal bagja dimana hiji nagara geus Sepi paling, towong rampog, nudigawe simpe hate, kaum buruh teu ripuh, karyawan sarenang, para tani sugih mukti, nu dagang ge sugema.Rakyatna dititah gotong royong teu popolotot, dititah bebersih teu cecerengir, dititah nyumbang teu nararantang.
  7. Bru dijuru, bro dipanto, ngalayah di tengah imah, buncir leuit, loba duit, ngenah nyandang, ngenah nyanding, ngenah nyandung.
  8. Para ratu mikayunyun, para menak mikaserab, kolot ngeso, budak era, deungeun-deungeun mikadeudeuh.
  9. Tong Kumeok memeh dipacok, biyuni hayam kabiri, bodas ceuli. (mundur sebelum berperang)
  10. Indit kudu bari cicing, lumampah ulah ngalengkah.

Tidak ada komentar: